Selasa, 02 Juni 2009

Ujung Genteng

Basisir Ujung Genteng

Layung beureum geus reup-reupan

Pucuk pandan ting garupay

Kasilep ku cahya perak

Gado Bangkong kantun sapotong

Geus gorowong

Sakedapan pamayang tarik jangkar

panerus sukma nu ngangluh

Ngacacang milang patromak

nu rambang na tonggong Sagara

Duh guligah

sedeng langit beuki hideung

kaayaan beuki keueung

anjeun anu dipitineung

lawas teu pateupung

kieu rasana dikantun ka bale nyungcung

nyanding peuting

Sagara oyag ombak-ombakan

Silih tembalan

Angin leutik ngadalingding

Ngendagkeun pucuk-pucuk hate

Duh, mawa simpe










Basisir Ujung Genteng, ayana di Desa Cipaku Kecamatan Ciracap, Kabupaten Sukabumi.
Basisir anu masih keneh asri jeung alami can keuna ku pangropea manusa.
Lamun urang pirajeunan ngulampreng atawa diniatan pakancian ka ieu basisir, bakal disuguhan ku keusik nu nyacas tur lega. kira-kira 2 km ka beulah kulon urang baris manggihan amparan keusik bodas nyacas, anu kiwari katelah Penakaran Penyu Hijau.

Hayu urang jaga tur raksa ngarah Banda alam Sunda tetep mere lana marengan!

Lisenda (Tangara Bulan)

KARATAGAN LISENDA
Yasana Adhika N.A (Tangara Bulan)

yu batur
yu batur sadaya nungarasa urang sunda
ebrehkeun sagala kabisa
omat ulah ngarasula
di dieu
dieu tempatna
dina lingkung seni sunda

bung tupaktibung tupaktibung
hate bingung napsu kapegung
bang tupaktibang tupaktibang
hate bingbang pikir hariwang

tong pahiri-hiri mikiran anu can pansti
nu penting bisa ngacapi
montong salempang mikiran mojang nu lenjang
nu penting mah bisa nembang
tong pusing-pusing sok komo bari jeung rungsing
nu penting mah bisa nyuling
tong bingung-bingung komo deui bari linglung
nu penting mah bisa nyalung

kadituna-kadituna urang pada-pada nyaah
kadituna-kadituna urang pada-pada nyaah

Mantra

2.1.1 Wangenan Puisi Mantra

Puisi mantra mangrupa puisi anu dianggap ngandung kakuatan gaib. Dipakéna tara sagawayah. Mantra biasana dipapatkeun ditalar. Maksud anu mapatkeun nya éta sangkan manéhna bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal hiji tujuan (Rusyana dina Nurléla, 2008: 12).

Nurutkeun Rusyana dina Nurlela (2008:12-13), puisi mantra téh mangrupa puisi lisan anu kagolong kana golongan kaopat tina lima golongan puisi lisan, nya éta puisi anu patali jeung upacara, paneneda, jeung pamuji anu ditunjukeun ka rupa-rupa sesembahan.

Kecap mantra téh lain kecap Sunda pituin, tapi kecap anu asal muasalna tina basa Sansekerta. Dina basa Sansekerta kecap mantra ngandung dua harti; kahiji, mantra téh nya éta pikiran, angen-angen anu dikedalkeun kalayan tujul, dina waktu sumembah atawa dina keur muji, Kadua, mantra téh dipakéna dina upacara panglélér atawa ngistrénan nu diwujudkeun dina wangun kawih, pupujian, atawa tulis-tulisan penghormatan (il. Isnéndés, 1998: 18).

Kecap mantra di tatar Sunda téh geus kawilang ilahar sarta geus keuna deui kana harti anu dipimaksud. Malah dina naskah buhun taun 1518 ogé éta kecap teh geus ilahar dipaké, sakumaha katerangan ieu di handap.

Hayang nyaho di sakawéh ning aji mantra ma: jampa-jampa, geugeui(ing), susuratan, sasaranaan, kaséangan, pawayagahan, puspaan, susudaan, huriphuripan, tu(n)duk iyem, paparasén, pasakwan: sing sawatek aji ma sang brahmana Tanya. (Ruhaliah, 2002: 65)

Nurutkeun éta cutatan tétéla yén harita ogé puisi-puisi nu saperti kitu téh geus disebut “sakéhing aji mantra”. Bisa ditandeskeun yén masarakat Sunda baheula geus wanoh kana rupa-rupa mantra sakumaha nu disebut di luhur.

2.1.2 Gelarna Mantra

Nurutkeun sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animisme/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal éta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan tina basa arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan karuhun (Tamsyah, 1996:15).

Mantra gelar dina wangun lisan, biasana diapalkeun. Cara nyebarkeunana tatalépa ti hiji jalma ka jalma lian. Nu miboga mantra umumna jalma-jalma nu geus déwasa atawa dianggap déwasa. Hal ieu patali jeung cara nurunkeun mantra, baheula mah teu bisa sambarangan boh waktuna boh jalmana, kitu deui carana. Dina nurunkeun mantra aya tahap-tahap nu kudu dipilampah, aya nu kudu puasa heula, aya nu waktuna teu meunang sambarangan, jeung sajabana; sakapeung aya pakakas husus nu dipaké marengan nurunkeun mantra, upamana waé parupuyan sapuratina (Ruhaliah, 2002:65)

Mantra dipercaya bisa ngadatangkeun kakuatan go’ib, ku kituna loba aturan jeung pantrangan. Hal-hal nu kudu dipigawé sangkan meunang mantra atawa mantrana teu cambal disebutna pamali, saperti puasa, mati geni, tatapa, tirakat, ngisat diri, jeung sajabana (Rosidi dina Ruhaliah, 2002:65-66). Mantra baheula teu dipaké sambarangan, tapi biasana aya tujuan husus. Cara makéna ogé aya aturanana, nu ditangtukeun ku nu nepikeun atawa jalma nu dianggap ngawasa mantra. Kahirupan mantra robah luyu jeung kahirupan manusa nu makéna. Jalma-jalma nu ngagunakeun mantra kalawan tujuan magis kiwari geus teu pati loba. Kitu deui nu ngamilikna ngan ukur golongan kolot, nu umurna geus cueut ka hareup. Nu ngora kénéh mah langka pisan (Ruhaliah, 2002:66). Jaman kiwari mantra geus dipaké bahan pangajaran di lembaga pendidikan mangrupa salah sahiji pangajaran sajarah jeung aprésiasi sastra Sunda.

2.1.3 Papasingan Mantra

Ditilik tina pungsi, paranti naon dipakéna, jeung suasana ngedalkeunanana mantra dibagi jadi genep golongan nya éta, asihan, ajian, singlar, rajah, jampé jeung jangjawokan (Rusyana dina Nurléla, 2008: 13).

2.1.3.1 Asihan

Asihan dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu séjén mikaasih ka diri urang. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14), asihan téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun ngawasa sukma nu lian, anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta asihan pinunjul kakasépanana atawa kageulisan tepi ka saréréa pada asih. Matak geus ilahar dina asihan mah sok ditungtungan ku ungkara kayaning; malik welas malik asih ka awaking, atawa sih asih ka awaking, atawa sira welas sira asih ka awaking.

Aya asihan anu maksudna ngararajét haté nu lian, tapi ngararajét di dieu mah maksudna rajét ku bakating asih. Ku parna-parnana asih, nu lian bisa tepi ka teu ngeunah dahar teu ngeunah nginum. Nepi ka aya asihan nu eusina kieu; “kéjo asa catang bobo, uyah asa akar manjah, cai asa tulak bari, lauk asa bau buruk atawa nu bogoh paboro-boro, nu hayang paheula-heula, nu beuki pagiling-giling, né banyu pagulung-gulung, né atma paheula-heula”, saperti conto ieu di handap

Asihan Si Burung Pundungi

Nu cunduk bayu si anu

nu datang atmana si éta,

reujeung satineung jeung aing

mangaka datang jeung ragana

mangka cunduk jeung bayuna

mangka baraya jeung satineung

mangka tunggal atmana

iya rasa nira iya rasa nisun

saking purbaning pangéran

asih ka asih ka awaking

nubogoh paboro-boro

nuhayang paheula-heula

nu beuki pagiling-giling

né banyu pagulung-gulung

né atma paheula –heula

mangka reujeung satineung

datungkul geusan jeung sukma

mangka lebur ucus rumangga bayahna

mangka rug-rug sagala

mangka asih ka awaking da urang reujeung sarasa,

da urang reujeung satineung

da urang reujeung sa bayu

daurang reujeung sarasa

da urang reujeung satineung

iya iku asihan sang uleut jati

asihan reumeuk salira.

(tina naskah Kumpulan Mantra: 62)

2.1.3.2 Ajian

Ajian mangrupa mantra anu dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan, kabedasan, jsb. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14) ajian mangrupa mantra nu dipakéna pikeun meunang kakuatan pribadi, sangkan jejem, gedé sima, boga pangabaran, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas jeung awét ngora. Kitu deui pikeun meunang karahayuan, pikeun ngajaga lembur, rajakaya, pepelakan, jeung ingon-ingon.

Karéréaana mah ajian téh dipakéna geusan meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya. Tapi aya ogé anu sok dipaké pikeun maksud nandasa nu lian, nya éta ajian-ajian anu sok diparuhit ku tukang teluh. Ieu di handap conto ajian pikeun meunangkeun kakuatan pribadi

Paranti Asup kana Bilik

Les peteng nu peteng

les leungit tandana peteng

Nini Hanatik leutik

asup kana ruas leutik

awaking Si Raga Ruas

(tina Naskah Kumpulan Mantra:29)

2.1.3.3 Singlar

Singlar nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-silemin, jeung sajabana. Numutkeun Rusyana ngaliwatan nurléla (2008: 15) singlar téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakira sok ngaganggu ka manusa. Kitu deui sok dipaké nyinglar sasatoan, sato leuweung, hama, musuh, atawa tina gangguan alam kayaning ti nu guludug, jeung hujan angin, dina ngariksa kebon jeung pepelakan, jeung kasalametan diri. Singlar dipakéna geusan meunang karahayuan, jadi pikeun tujuan-tujuan anu hadé. Ieu dihandap conto singlar paranti ngajauhkeun/panolak tina sagala panyakit

Panolak sagala panyakit

Ong gambang-gambung

teluh katimpuh buta kasinglar

wong sira pada suminggah

ya wisésa

ya aing patapan masdaru

patapan daruni

ratu neluh buta ajur

Si Lumbak Si Atong

Si Ngudak Si Cocolongok

Si Kapulaga sira liman jeneng

ingsun Sutera Mangaya

luwas waluya walaidun desit

cundek kalacalu sipat nabi

Sipat iman iya Rosululloh

(tina Naskah Kumpulan Mantra:28)

2.1.3.4 Rajah

Rajah téh dipapatkeun maksudna salamet, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang, saperti barang aya nu maling, keuna ku panggawé batur, jeung sajabana. Numutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 15) rajah nya éta mantra anu dipaké paranti ari ngambah alas sanget, muka pihumaeun, nalukkeun siluman-sileman, nulak gawé anu jail, ngaruat, caah atawa hujan, ngajampé anu gering, pamunah impian goréng, jeung sajabana. Éta maksudna mah pikeun meunangkeun karahayuan, dijauhkeun tina gangguan rupa-rupa dedemit jeung siluman-sileman. Ieu di handap conto rajah paranti pamunah hah-hal nu matak ngaganggu kana banda atawa bobogaan

Rajah Pamunah kana Sagala Raja banda

Bisi Keuna ku Longlongan

Bismillaahirrohmaanirrohiim

Nini Raja Puhara Aki Raja Puhara

ulah idi ka pepelakan aing

maring pare maring sipat sajeneng

kalawan ingsun sasipat

kalawan ingsun maojud maring datulloh

maring sipat béas

sajeneng kalawan isun

maojud maring datulloh

Sri asih ka bangsa tunggal kagungan

Sri suci mulya badan

sampurna tunggal iman

Ambu pancering iman

Bapa tangkaling iman

gagang aing gagang iman

salupih aing dadi lansip

dadi sasip dadi lancip

(tina Naskah Kumpulan Mantra: 34)

2.1.3.5 Jampé

Jampé mangrupa mantra nu dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasaan anu teu hadé supaya jadi hadé, cageur, jsb. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 15) jampé mangrupa mantra nu dipaké pikeun nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan, upamana baé lamun kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun, jeung sajabana. Ieu di handap conto jampé anggota badan anu keuna ku panyakit

Paranti Ngajampé Ceuli nu ku Lenyé

Bismillaahirrohmaanirrohiim

Sri Wilayang wiyat guna mulih guna

Sira mati yamati ya mati ya.

(tina Naskah Kumpulan Mantra: 26)

2.1.3.6 Jangjawokan

Jangjawokan dipapatkeun pikeun ménta kasalametan dina nyorang hiji pagawéan. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 16) jangjawokan téh mangrupa mantra nu dipaké pikeun milampah hiji pagawéan, anu dipalar sangkan pinunjul hasilna, sarta nu milampahna aya dina karahayuan. Dipapatkeun upama urang rék turun, leumpang, diuk, nangtung, midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri, ngadeuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jsb. Ieu di handap conto jangjawokan paranti ngala lauk

Paranti Ménta Lauk

Aki Batara Gangga nu ti girang

Aki Batara Ginggi nu ti hilir

aing ménta ingon-ingon

geura top

(tina naskah Kumpulan Mantra: 07)


Judul Skripsi; Identifikasi Ajen Budaya Sunda dina Naskah Kumpulan Mantra
Alumni Pendidikan Bahasa Daerah FPBS-UPI 2009

Wangun Imah adat Sunda

Wangunan Adat Sunda Buhun

Aya sababaraha (beberapa) rupa (jenis) wangunan sunda buhun (lama) teh, diantarana:

· Suhunan jolopong: suhunan nu lempeng (lurus). Mun basa indonesia mah, atap pelana. Siga (saperti) pelana kuda. (Suhunan Jolopong merupakan bentuk rumah yang atapnya memanjang), disebut oge (juga) suhunan panjang, gagajahan, jeung regol.
· Jogo (tagog) anjing: Wangunan anu bentukna saperti anjing keur jogo (duduk) Suhunan hareup (nu siga bangus/ mulut anjing) ngiuhan émpér imah (menutupi teras rumah).

· Badak heuay: Dedegna imah badak heuay rada deukeut ka jogo (tagog) anjing, ngan luhureun sirahnya aya ceulian-susuhunan tambahan, kahareup. (bentuk rumah badak heuay seperti tagog anjing tapi diatas kepala suhunan ada tambahan atau atap belakang dan depan menyerupai badak sedang menguap)

· Parahu kumureb: Potonganana (bentuknya) siga tangkuban parahu pisan, trapesium tibalik, di Tomo Sumedang, disebutna jubleg nangkub.

· Capit Gunting: Potongan imah anu tungtung suhunanana make kai atawa awi dicagakeun saperti gunting rek nyapit.
· Julang ngapak: Julang ngapak mun diténjo ti hareup (dari depan), suhunan kénca katuhuna (kanan kiri) siga jangjang (sayap) manuk, julang-suhunanana opat nyambung nu di sisi nyorondoy. Sambunganana di tengah, maké tambahan siga gunting muka di punclutna. (Julang ngapak seperti burung yang sedang terbang)


· Buka palayu: suhunan siga imah Betawi aya émpér (teras) panjang dihareup.

· Buka pongpok: rada mirip buka palayu, ngan pantona dirobah ka arah jalan


·Rupa-rupa Wangunan jeung Pamakéanana
Umum:

o gedong: imah alus (bagus) tur badag (gede) anu biasana ditémbok
o joglo: adegan imah leutik basajan (bentuk rumah kecil)
o balé kambang: imaha anu diwangun disaluhureun balong, jsb. ('kambang' 'ngambang'), (yang dibangun diatas kolam, empang, dll)
o poporogok: imah siga saung, leutik tapi lumayan
o pakuwon: pakarangan tur imah nu sorangan
o ranggon: saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
o régol: panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
o saung: adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.

Pamaréntahan:
o babancong: wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
o balandongan: adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
o balé désa: kantor pamong désa (kantor desa)
o balé kota: kantor walikota atawa bupati
o balé watangan: pangadilan
o gedong songko: imah bupati baheula

o kadaton, karaton
o pandapa (pendopo): tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
o kaputrén: bumi jeung pasaréan (tempat tidur) putri raja
o kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
o bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
o bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.

Transportasi:
o hanggar: minangka garasi pikeun kapal udara
o stasion: pangeureunan (tempat berhenti) karéta
o halteu: pangeureunan beus

Tatani (pertanian) jeung Dagang:
o jongko, warung: tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
o palalangon: saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
o leuit: gudang tempat nyimpen paré
o gosali: tempat gawéna panday (pandai besi)
o bédéng: imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon (rumah kecil tempat orang yang bekerja di kebun/ proyek bangunan)

Sato (hewan):
o pakandangan: kandang gedé atawa nu loba kandang (kandang besar atau tempat yang didalamnya banyak kandang)
o gedogan, istal: kandang kuda
o karapyak: kandang munding (kerbau) atawa sapi nu dikurilingan ku pager
o pagupon: kandang japati (merpati)
o paranjé: kandang hayam (ayam)

Ibadah:
langgar, tajug
Masigit (masigit)
Gareja (greja)